KASANGSARAAN JEUNG KABUNGAHAN

          Sakola menengah anu rame ku kahirupan remaja, aya dua budak ngaranna Raka jaung Santi. Raka anu dipikawanoh ku babaturanna salaku budak anu pinter dina matematika, sok nampak pendiem. Sedengkeun Santi, budak anu bageur jeung sok sumanget dina sagala hal, sering jadi perhatian di kelas alatan kesenengannana dina seni.

          Hiji poe, guru nugaskeun proyek seni aku kudu dipigawe ku dua urang pasangan. Raka jwung Santi kabeneran dipasangkeun. "Hayu, Raka, urang mimitian ayeuna!" ceuk Santi bari nyandak kertas jeung pensil. "Oke, tapi abdi henteu pinter dina seni. Abdi langkung sae dina ngitung," jawab Raka rada ragu. "Moal nanaon. Urang bisa silih ajar," ceuk Santi kalawan optimis. Sapopoe gawe bareng, Raka ngarasa Santi teh beda tinu sejen. Sanajan Raka sok katembong serius, Santi bisa ngajantenkeun poe-poena langkung rame jeung pinuh ku seuri.

          Santi oge ngarasakeun hal anu sarua. Dina kalemna, Raka gaduh daya tarik anu ngajadikeun Santi ngarasa nyaman. Ditengah-tengah peroyek, Santi mendakeun Raka teh teu ngan ukur pinter dina matematika, tapi oge gaduh kahadean anu jero. Kesukan na, Santi meunang beja ajeunna bakal pindah sakola alatan tugas kolot na di luar kota. Hatena kacampuran rasa sedih jeung bingungn. Manehna henteu wani nyaritakeun hal ieu ka Raka.

          Dina poe pamungkas, Santi ngajak Raka papanggih di taman sakola. "Raka, abdi hoyong nyarioskeun hiji hal. Abdi kedah pindah ka luar kota minggu payun." Raka reuwas tapi anjeunna nyoba nyumputkeun rasa sedihna. "Oh, eta berita anu sedih. Tapi abdi yakin ajeung bakal berhasil dimana wae anjeun berada." "Htur nuhun , Raka. Abdi bakal sono ka anjeun," ceuk santi kalawan sora anu lirih. Raka ngalaman poe-poe saatos kapindaha Santi kalayan hampa. Sanajan kitu, anjwun na mutuskeun pikeun ngajaga janji ka santi. Maranehna bakal tetep silih dukung, sanajan jarak misahkeun. Surat-surat anu sering maranehna kirimkeun janten tali silaturahmi anu ngajaga cinta maranehna tetep hidep.

          Dugi ka sababaraha taun ti harita, dina hiji reuni sakola, Raka jaung Santi papanggih deui. Dina waktos eta, maranehna sadar cinta anu aranjeunna rasakeun ti jaman remaja teh masih keneh aya. Maranehna mutuskeun pikeun ngajalankeun kahirupan babarengan, ngabuktikeun cinta anu tulus bakal salawasna manggih jalann na, sanajan kahirupan nyieun maranehna jauh sementara.

Komentar

Postingan populer dari blog ini

BAHAYA PERUNDUNGAN